Diri di rungrung ka bingung, muyung
Raga di ranyah ka peurih.. duh peurih
Nogencang teu puguh lampah
Rasa nafas anu teu kebat..
Cacap ka tiap peuting, cungelik
Ukur bisa gulang guling, nyaring
Kaemutan kanu geus lawas nyarengan
Kuring anteng dina lamunan
Ngarep anjeun datang deui
Piraku rek poho kana jangji
Diri Kuring teu weleh nampi
Bongan pernah jangji saati
Boa aya regang panghalang
Salira kiwari teu aya datang
Cacap ka tiap peuting, cungelik
Ukur bisa gulang guling, nyaring
Kaemut kanu geus lawas nyarengan
Kuring anteng dina lamunan
Ngarep anjeun datang deui
Piraku rek poho kana jangji
Diri Kuring teu weleh nampi
Bongan pernah jangji saati
Boa aya regang panghalang
Salira kiwari teu aya datang