LyricFind Logo
LyricFind Logo
Profile image icon
Lyric cover art

Modar

Apple Music logo
Deezer logo
Spotify logo
Lyrics
Lamun moal miluan
Ulah hayang ngasaan
Urang rek berjuang
Keun bae sorangan

Basa poe harita
Gawe di pabrik cina
Urang te kahaja
Ningali maneh

Jeng si eta
Jeng si goblog eta
Tatangkepan duaan
Na motor supra

Lamun hayang nyaho mah
Urang leweh kuduna
Tapi era ku babaturan
Era ku tukang dagang

Meni kabina-bina
Salingkuh jeng si eta
Padahal mah goreng patut bengeutna

Sia salingkuh jeung siluman
Cangkang pantene
Anu beungeutna bubuk ciga
Pamulangan pecin
Aing lain teu payu lain euweuh nu beuki
Karna ngan barang murahan nu babari dibeuli
Meunangkeun si eta cigana sia kurang jampe
Ciga meunangkeun kabogoh ti hadiah ale-ale
Babari ganti pasangan sia euweuh hargaan
Clek kaditu kadieu geus ciga kencleng jumatan

Jeng si eta
Jeng si goblog eta
Tatangkepan duaan
Na motor Supra

Lamun hayang nyaho mah
Urang leweh kuduna
Tapi era ku babaturan
Era ku tukang dagang

Meni kabina-bina
Salingkuh jeng si eta
Padahal mah goreng patut bengeutna

Urang pernah ngurung di kamar
Hulang huleng nepika poho dahar

Untung babe urang asup ka kamar
Jadi teu jadi modar
Tapi hirup panjang keneh aing kudu sabar

Lamun hayang nyaho mah
Urang leweh kuduna
Tapi era ku babaturan
Era ku tukang dagang

Meni kabina-bina
Salingkuh jeng si eta
Padahal mah goreng patut bengeutna

Merjuangkeun sia hirup aing pabeulit
Mun nyaho bakal kieu mening aing ngepel mesjid
Puguh meunang pahala, jauh kana cilaka
Moal ngabatin mun ngadangukeun lagu armada
Tapi aing yakin sia bakal hayang balikan
Nu nyaah ciga aing sok mangga weh pilarian
Sok weh kalem ka aing mah tong ngarasa karunya
Karna kabeh bakal anying kaduhung pada waktunya

WRITERS

AHMAD TAUFIK ANDRYYANSYAH

PUBLISHERS

Lyrics © Universal Music Publishing Group

Share icon and text

Share


See A Problem With Something?

Lyrics

Other